Nami abdi andi fauzi, bumi ti pandeglang asli, abdi gaduh pangalaman nyaeta keur ngobong di pasantren abdi ngaliwet Sampe tutung. Dina waktu harita Teh Sakola di sma negri 6 pandeglang pas abdi di sakola teh aya salah sahiji guru anu ngagaduhan kobong nu ngaran kobongna nyaeta "Al-kuntaniyah" , parantos kitu abdi disakola atos Setngah samester di sakola, abdi ngobong dina bulan oktober tanggal 27 taun 2014, nah lami abdi ngobong di alkuntaniah nyaeta 3 tahun kurang lebih,. Ayena abdi nyaritaken pangalaman abdi ngaliwet sampe tutung, dina waktu harita kabiasaan dikobong teh ngaliwet iraha bae teaya waktuna eta santri mah Kana ngaliwet hente ngawanci jadina iraha bae lamun lapar eta ngaliwet, jadi prinsip santri mah lamun Ker lapar eta kudu nangguan liwet asak hela, ngaji oge lamun hayang benang mah kudu mutolaah hela. Di kobong abdi teh pas abdi ngobong ngagaduhan jadwal ngaliwet, pas peuting harita teh bagian abdi ngaliwet, eker ngaji teh aya rerencangan anu patuangana kekerebekan, tah parantosna ngaji lurah kobong gogorowokan "mang gera ngaliweettt" cek abdi muhunn kin helaaa, abdi langsung turun ka handap langsung ngaliwet sareng renrencngan nulain nu ngabntu abdi, saentosna kitu te lila abdi seer tein merean beasna kana eta kastrol anu paranti ngaliwet, tahh ntos kituu ditngguan teasak2 bae eh ges ngakebelan hendepna tutung. Tapi sanajan tutung geh santri ker lapar mah eta liwet tutung geh di dahar bae. Eta lahh pangalaman abdi ker ngobong anu ngaliwet tutung. Jadi urang teh lamun gagawe kudu sing ikhlas sareng sabar. Jeng deui kudu amanah kata anu tos diamanahken. Hatur nuhun, pamugia aya manfaatna. Aamiin.